May 07 2006
Sumedang Fair 2006
Tiheula mah … pameran teh cuma pas peringatan Hari Kesaktian Pancasila, ngan supados ayeuna mah bos orba na tos lengser, pameran teh diayakeun pas peringatan ulang tahun sumedang, Sumedang Fair.
Sapuluh poe euin tah … diayakeun di lapangan pacuan kuda Sumedang.
Na … lapangan kuda, usum hujan kieu dipake pameran. Nya … jaraleblog atuh!
Eta mah leutak, beuambeu … tilu senti, bo!
Pas nincak teh, merebes kanu leutak nu jigana teh pacampur jeung tai kuda. :p
Euleuh … etamah, Pas balik ka imah teh … asa tas bobolokotan, suku teh ararateul.
Lamun jalan-jalan hayang romantis-romantisan mah … tongharep dah!
Boro-boro hayang romantis, leumpang teh kalakah terus weh ningali ka handap, neangan pitincak keun nu rada garing (bari jeung eweuh).
Tapi … nya lumayan we lah … dari pada eweuh. Sataun sakali, raramean. DIRGAHAYU SUMEDANG!




Hue?, kapan ada acara ginian di Sumedang?, duh
udah lama gak pulang neh eheheh….
Salah seh ngadainnya di pacuan kuda, udah jelas itu mah dari dulu jaman pameran juga spt arena offroad :D. Kuduna seh di gedung2 gitu lah, kalo gak ya di jd bypass aja ditutup buat pameran.
Agh…teu modal seh hehehe…
Coba posting dunk liputan pic nya cu saya pengen liat neh.
pameran di sumedang city??????
mendingan di mn nya nu enag lahanna?
biasana khan di tempat deket terminal,,,
gedung2 mah atuch,,,gada ciri khasna,,,