Oct 01 2006

Ben & Lydia’s Wedding

Published by En Tay at 8:38 pm under Sundanese, personal

Ben! Wei!… miheulaan eui! Slamet ya bro! Teu nyangka, akhir na, jadi oge! Setelah sekian lama. :D Pangling eui, ari make jas mah. :D

Cinta Lokasi lah, dua-dua na sarua ti LIKMI. Tapi urang mah baheula kapanggih Ben di-kumprang. Lydia … batur gawe & batur ulin. 2 taun leuwih, lila teu kapanggih. Eh … ujug-ujug. Saminggu kamari Lydia nelepon … “Tay … gw mo kasih undangan”. Weks! :) :) :) reuwas ngadenge na oge. :D Bener-bener, TEU NYANGKA!

Restoran HONGKONG, 14.30-16.30. He..he.. ondangan teh meni beurang keneh, pas keur puasa deuih. :) Tadi mah itung-itung reuni-an eh jadina. Aya Herry, Esther & Hans, Budianto & Joanna. :) Rame oge.

Ngan, rada kaduhung oge, urang teu mawa kamera urang, keur di-charge. Yah, kapaksa weh … make kakameraan tina handphone wae :(

Esther & Hans Herry & Esther

Pokok na mah … salamet nya! sing langgeng, sing geura menang bati. :D

Trackback URI | Comments RSS

Leave a Reply